Lepat Nambut Koran

Wengi eta saatos uih ti commlabs, abdi niatkeun bade tuang sate kambing. Saur si W, nu enak teh sate Pa Gino nu di Cicadas. Tapi ah, tempatna oge teu acan teurang dimana jaba tos wengi kieu. Tungtungna mah kulunyung we ka tukang sate di jalan Supratman sebrangeung Hotel Cosica.

Abdi pesen lima colok sate kambing bungbu kecap. Sabari ngantosan, dina meja sabeulah aya koran pe er nganggur. Sabari nungguan asak sate, abdi teh nyandak eta koran, teras weh diaos.

Teu lami, sate na dongkap. Sabari tuang, abdi teuteup maca eta koran margi berita na sararae.

Nuju tuang sate nu kalima, ngadadak aya bapa-bapa dongkap ti pengker tenda teras calik di meja sabeulah ngobrol sareng ibu nu dipayunena. Teu lami ngobrol, si bapa cengkat teras nyuhunkeun koran nu dibaca ku abdi. Heuheuhue, manawi teh koran nu tukang sate. Abdi meni isin, jaba ditingalikeun ku nu dipayunen. Heuheuii deudeuh...

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Mercon Buaya